Ungkapan Selamat Idul Fitri Dalam Bahasa Sunda TERBARU

Bilih bade SMSan, BBMan. Ku Basa Sunda langkung muuuaannnntap.
Manawi aya anu meryogikeun, mangga nyanggakeun.

1. Niti wanci nu mustari , ninggang mangsa nu sampurna , dina Boboran taun ieu.. hayu urang sami-sami ngaberesihkeun rereged ati tina khilaf sinareng dosa. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

2. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.

3. Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Hapunten samudaya kalepatan.

4. Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

5. Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Hapunten samudaya kalepatan.

6. Ngahaturakeun Wilujeng Boboram Shiyam 1 Syawal 1435 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.

7. Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura , Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

8. Wening galih nu dipamrih , Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H, kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

9. Sugrining runtah kalepatan dina manah , nyeuri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Taqobalallahu minaa waminkum.

10. Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan. Ngan saukur bisa ngirim surat, chating, BBMan jeung SMSsan. Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan, Wilujeung Boboran Shiyam 1435 H.

11. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari, Neda dihapunten kana samudaya kalepatan, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

12. Bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

13. Wening galih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

14. Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

15. Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

16. Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

17. Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali silaturahim, neda pangampura kasadayana Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

18. Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda , mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

19. Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

20. Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

21. Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.

22. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum, taqobalahuyakarim.

23. Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1435 H ku kabungahan tur kaikhlasan.

24. Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur , ligar manah ku kaikhlasan , tiasa ngalubarkeun, tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur , lampah lali nincak salah , neda sihapuntenna. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

25. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H, Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.

26. Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiyam” neda dihapunten lahir tumekaning bathin.

27. Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H.

28. Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng Boboran Shiyam 1435 H. Neda sihapunten lahir sinareng bathin.

29. Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeunn, mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa. Wilujeung Boboran Shiyam 1435 H, hapunten lahir sinareng bathin.

30. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu

Terima kasih anda telah membaca artikel berjudul Ungkapan Selamat Idul Fitri Dalam Bahasa Sunda TERBARU. Source : http://satriawijaksana.blogspot.com



Artikel Terkait

Tidak ada komentar:

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...